IBX5980432E7F390 PASAL 1: HUKUMNA NGAOS ILMU TAJWID - PENUNTUT ILMU

PASAL 1: HUKUMNA NGAOS ILMU TAJWID


Ari hukumna ngaos tajwid teh eta Fardu Kifayah. Hartosna: Kawajiban sakabeh jalma, tapi lamun geus aya anu migawe salasahijina maka bebas dosa pikeun anu sawarehna deui.

Ari patokan fardu kifayah nyaeta: "Saqotol harju 'an fi'lil baaqii" Hartosna: Bebas dosa atawa kawajiban sabab dipidamel ku anu sejen.


Ari hukumna ngaos Qur'ang nganggo ilmu tajwid teh eta hukumna Fardu 'ain. Hartosna: Kawajiban ka sadaya jalmi ngaos Qur'an nganggo tajwid tur moal tiasa bebas dosa mana-mana dipigawe ku nu sejen.

Ari patokan fardu 'ain teh nyaeta: "Laa yasqutul harju 'an fi'lil baqii" Hartosna: Henteu tiasa bebas dosa atawa kawajiban kusabab dipidamel ku nu sejen.


"Wal ahdu bittajwiidi hatmun laajimun * Man lam yujawwidil Qur'ana atsimun"
"Ngaos Tajwid eta wajib hukumna * Maca Qur'an lur tajwid banget dosa na"

Berlangganan Untuk Mendapatkan Artikel Terbaru:

0 Komentar Untuk "PASAL 1: HUKUMNA NGAOS ILMU TAJWID"

Post a Comment